Kunjungi dan lihat aktifvitas blog Carita Ki Sunda
18 Januari 2010 | By: Babad leluhur sumedang

WAKCA NYARITA KA SUMEDANGLARANG

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pagelaran alam kandung asih indung.
Pangawitan pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,
Nya mugatunggul anu ngarahayu ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap

Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.

Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,
Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.

Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.
Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.
Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Nu ngadeg di uwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.

1. Di Mandala Méga Manggul
2. Di Mandala Méga Malang.
3. Di Mandala Méga Beureum.
4. Di Mandala Méga Si karembangan.
5. Di Mandala Méga Si kareumbingan.
6. Di Mandala Méga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, PatapanGuntur
8. Di Mandala Bumi suci kerepek séah.
9. Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Héjo.
12. Di Mandala Bumi Konéng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang SorongKancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.

Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.

Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.

Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat NgaMohon tembuskan,
kepada yang Maha Menembuskan Sapuluka-neun ka sadaya para luluhur.

Karuhun karuhun suci.
Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul, sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu ti wétan, sa wétan.

Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang.
Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.

Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun kunu geulis.

Cag………Rampés.
sumber
Richadiana Kartakusuma

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

0 komentar:

Kembali lagi ke atas